Friday, March 27, 2020

LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA KELAS 3 SD SEMESTER 2


Berikut ini merupakan soal-soal latihan untuk mata pelajaran Bahasa Sunda Kelas 3 Semester 2. Semoga bermanfaat.






Prak baca ku hidep bacaan di handap !


                       
                                                            Ibu Guru Teu Damang

            Parantos tilu dinten Ibu guru kelas tilu teu sumping ka sakola. Saur Ibu Kepala Sakola mah anjeunna the teu damang di bumina. Pasosore Lia sareng Yani ngalayad ka bumi Ibu Guru. Katingalna Ibu guru the teu damangna rada abot. Salirana panas, rarayna pias, teu kersa barang tuang saurna pararait sareng sarebel.

            Saur Ibu Guru, kawitna mah karaosna mung ukur rieut, wireuh mulih teu sakola kahujanan. Teu pati diraos ku anjeunna ge teras wae angkat ngawulang. Saparantos nuang landing panasna teu rerep wae, Ibu Guru teras angkat ka dokter dijajap ku ibuna. Saur dokter anjeunna téh katarajang panyawat tipes, numawi kedah leres-leres reureuh teu kenging barang damel. Barang tuangna oge teu kenging sagawayah, sareng kedah milih tuangeun nu henteu matak nambihan abot kana panyawatna.

            Kaleresan harita Lia sareng Yani nyandak bubur lemu, kenging ngadamel ibuna Lia. Ku ibu Guru bubur lemu the dituang saeutik, katingalna anjeunna tos rada tiasa barang tuang. Mudah-mudahan Ibu Guru enggal damang supados tiasa ngawulang deui.

I.       Prak jawab pananya ieu dihandap!

1.      Saha anu teu damang téh?
2.      Wartos ti saha Ibu Guru teu damang téh?
3.      Saha nu ngalayad ka bumi Ibu Guru téh?
4.      Panyawat naon nu karaos ku Ibu Guru téh?
5.      Saha nu ngadamel bubur lemu téh?

II.    Cakra (x) aksara a, b, atawa c hareupeun jawaban nu bener!
  1. Mang Idih meuli ubar di…..
a. toko                         b apotek                                  c. pasar

  1. Ade labuh tikusruk kana batu, tarangna ….
a. raheut                      b. soeh                                     c. peupeus

  1. Ibu guru teu damang, salirana panas mani ….
a. ngagebret                 b. nyebret                                c. nereptep

  1. Umi gering ….panyakit tipes
a. katarajang                b. katabrak                              c. kadupak

  1. Memeh indit ka sakola kudu ….heula
a. sarapan                    b. nyarap                                 c. sasarap

  1. Barudak nu kakurangan gizi sok babari….
a. peureum                   b. ngagoler                              c. tunduh

  1. Ulah huhujanan bisi….
a. bareuh                      b. rieut                                     c. raheut

  1. Nu gering the ngadahar bubur ….
a. lemu                         b. kasar                                    c. heuras

  1. Maman titajong…..sukuna getihan
a. kulit                         b. ramo                                    c. tulang

  1. Rumah sakit the pinuh ku….nu gering muntaber.
a. pasen                       b. korban                                 c.langganan

III. Lengkepan ku kecap nu merenah!

  1. Rumah sakit the pinuh ku……demam berdarah.
  2. Mang Wira angkat ka …..bade lalandong.
  3. …..polio gunana pikeun nyegah panyakit lumpuh.
  4. Meuli….leuwih hade di apotek.
  5. ….nu gering di rumah sakit kudu dina waktuna.  

No comments: