Friday, November 3, 2017

SAJAK SUNDA DINA PASANGGIRI SENI SUNDA TINGKAT KABUPATEN BANDUNG 2017

Setiap tahun selalu diadakan lomba atau Pasanggiri yang berkaitan dengan budaya Sunda, diantaranya adalah Pupuh Sunda, Dongeng Sunda, maupun Sajak Sunda. Setiap jenjang pendidikan mulai dari SD, SMP, hingga SMU/SMK memiliki kriterianya masing-masing. Berikut adalah Sajak Sunda yang menjadi materi pasanggiri sajak Sunda tingkat SD tahun ajaran 2017/2018 untuk tingkat Kabupaten Bandung. Semoga bermanfaat.







(WAJIB)
UKUR DINA PANINEUNGAN
ACAH .T

Gunung nu ngalamuk paul
Kiwari turundul gundul
Kakayon tumuwuh subur
Kari tunggul nu parentul
Dituaran digadabah
Ku jelema nu sarakah

Sora budak cikcikbung
Teu kakuping sirna suwung
Di cai walungan kiruh
Kokotor geus teu paruguh
Campur limbah pabrik pinuh
Panas taya iuh-iuh

Gelik suling teu kakuping
Budak angon teu ngahariring
Ganti sora lagu barat
Matak pegat urat sarap
Da lagu Sunda teu wawuh
Budaya anyar tumuwuh

Sora kai reujeung mideur anu baku
Keur patani geus ngabaju
Jeung wuluku geus teu laku
Ganti ku guruh traktor
Buatan Jepang nu sohor
Sangkan magawe teu kendor

Alam endah meh geus punah
Wanci nu asri lastari
Nu aya kantun waasna
Ukur dina panineungan







TUKEURAN IEU SAJAK
YUS RUSYANA


Tukeuran ieu sajak
kusalambar simbut atawa samak saheulay
heug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
patinggolépak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak
ku béas wuluh atawa heucak
heug sidkahkeun ka nu haropak
anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
ku sababaraha siki pélor
heug témbakkeun kana genggerong koruptor manipulator
sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
ku beubeutian tina kalbu anu rido
keur nyebor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)





SEUNEU BANDUNG
KARNA YUDIBRATA

Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung
Geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
Najan laut Kidul
Ngolétrak dipaké nyiram?
Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkuban Parahu jadi suluhna;
Sut urang sundut 
Nyeungeut obor kamerdékaan
Bray caang lampu néon jutaan watt.
Langit ngempray; langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngaléntab sagara keusik
Ngahuru, ngabela-bela
Ngaduruk leuweung-ganggong langit-ganggong
Asia-Afrika bébas merdéka!
Seuneu nyebrot ti dapur Cikapundung
Geni sakti, cahya ilahi
Hamo bisa dipareuman




WAAS
R. EVA ZAENAL
Aya asri tanah kuring
Endah diamparan sawah
Parena sumedeng beukah
Diriung pakebonan
Paragpag ku palawija
Cur-cor caina ngagenclang
Ngalocor di tiap pancuran

Duh tanah Priangan
Aya waas neuteup anjeun
Muga kaendahan anjeun
Langgeng sapanjangna

Suku langit tanah priangan
Dipager gunung-gunung pulas paul
Ngajega mapakan mega
Ngajegir jauh kagimir
Diaping pasir-pasir
Liuh linduk tutuwuhan
Hejo lembok dangdaunan




SISI BALONG NGAGOLĔTAK
YUS RUSYANA


Umurna sawelas taun kira-kira
Na tonggongna buntelan ku samping beureum
Kopĕahna buludru belel henteu coplok
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Irungna, biwirna, ramo-ramona jeung dampal sukuna
Geulang karet dina pigeulangan leungeun kenca
Na sukuna aya patlot solobong awi
Deukeut kuciat bukuna pabalatak
Umurna sawelas taun kira-kira
Awakna sehat parangi marahmay
Ngan lebah igana deudeuh
Bajuna rangsak
Taya anu nangenan kahalang daun taleus
Kawas ngimpi sisi balong, deudeuh
Bukuna dibungkusan ku keretas endog beureum
Tanah air kita, kapunyaan Tata kelas lima A
Umurna sawelas taun kira-kira
Kawas tibra sisi balong ngagoletak
Teu kadenge manuk sapu noroweco na regang tangkal harendong
Deukeut kuciat, deudeuh
Buku-bukuna pabalatak

No comments: