Thursday, October 26, 2017

TEKS MC BAHASA SUNDA - PANATA ACARA BASA SUNDA

NASKAH PANATA ACARA BASA SUNDA





Bismillaahirrahmaanirrahiim
Assalammu'alaikum warrahmatullahiwabarakatuh,


Pangersa bapa pupuhu ............................................ anu ku sim kuring dipihormat,

Pangersa bapa miwah Ibu ...................................... anu ku sim kuring dipihormat,   

Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara .........................................

Solawat miwah salam mugia salamina ngalir ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na. 

Hadirin sadaya hormateun sim kuring,
Nepangkeun wasta .................................. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta ........................................

Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :


1.       Bubuka
2.       Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3.       Kedal pamapag ti pupuhu ......................................................
4.       Biantara pangbagea ti bapa/ibu pupuhu..........................................
5.       Biantara pangbagea ti bapa/ibu pupuhu .............................................
6.       Du’a
7.       Panutup


Hadirin bapa miwah anu ku sim kuring dipihormat,
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahiim

Mugia ku ngalangkungan ‘aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.

Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an. Sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci.

Anu Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu .............
Sumangga kersana Bapa ..........................................dihaturanan.

Hatur nuhun ka Bapa ....................................... anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.

Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu ..................................
Sumangga .................................. dihaturanan.

Anu Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu .............
Sumangga kersana Bapa ..........................................dihaturanan.

Hatur nuhun ka Bapa ....................................... anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.

Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu ............................................
Sumangga .................................. dihaturanan.

Bapa miwah ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh,
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. 
Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. 
Sumangga bapa ............................ dihaturanan kanggo mingpin du’a.

Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad ............................. anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin.

Sumangga ieu acara urang pungkas ku ‘aosan hamdalah. 
Alhamdulillahirabbil ‘alamiin.

Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus ................ di wales ku Alloh SWT. Aamiin.

Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. 

Billahi taufik wal hidayah 
wassalamu’alaikum wr.wb.
***